A. Kawih
1. Wangenan
Nalika ngareungeu pangajaran ngeunaan kawih, tangtu ahirna kudu apal jeung
bisa ngabedakeun antara kawih jeung kasenian sejenna. Saperti kakawihan, pupuh,
jeung pupujian. Kawih nyaeta Rakitan basa anu di tulis ku para pujangga
(seniman) sabangsa dangding anu hente make patokan pupuh sarta miboga birama
anu ajeg ( angger )[1]. Dina Kamus Umum Basa Sunda (KUBS, 1995) wangenan kawih nyaeta rakitan basa
sabangsa dangding nu teu make patokan pupuh. Kawih teh lalaguan Sunda bebas,
anu henteu kauger atawa kaiket ku aturan, boh laguna, boh rumpakana. Lalaguan
pop Sunda karangan Nano S, Doel Sumbang, atawa nu sok dihaleuangkeun ku seniman
calung Hendarso, eta teh lagu kawih.
Kawih teh asal
kecapna tina kavy ( kawi ). Ngawih nyaeta ngalagukeun kawih atawa sisindiran
jeng saterusna iwal ti pupuh. Lirik lagu dina kawih disebut rumpaka. Kawih nu
medalna kabaheulaan, rumpaka kawih na teh sok nyokot tina wangun sajak atawa
puisi. Biasana kawih sok dipirig ku gamelan. Nada anu digunakeun dina kawih
nyaeta nada pentatonic, anu patokanana dumasar kana da-mi-ti-la-da.
Dina kandaga
kabeungharan seni sora sunda aya kawih anu pirig ku waditra aya oge nu ditambul
bae. Prirganana bisa ku klining, degung, kecapi, calung, angklung, malah tiasa
ku alat musik modern oge. Kawih bagian tina kasenian sunda nu diwangun ku dua
unsur, nyaeta unsur seni musik jeung unsur seni sastra. Unsur seni musik nu ngalahirkeun
lagu, nada jeung wirahma nu fungsina pikeun pamirig. Unsur seni sastra mangrupa
rumpaka atawa lirik laguna. Tangtu bae dina pangejaan basa mah leuwih muser
kana unsur sastrana, nyaeta rumpaka kawih kaasup kana puisi.
Rumpaka atawa lirik lagu teu lepas tina
unsur:
a.
Pilihan kecap (diksi)
b.
Purwakanti
c.
Gaya basa
d.
Tema
e.
Amanat
f.
Eusi carita
Analisis kawih dina tambahana sastra
sunda, ngawengku unsur-unsur :
a.
Tema
b.
Amanat
c.
Parafrase rumpaka kawih
Conto kawih : Demi Wanci, asih abdi,
mupu kembang
ASIH ABADI
Sajuringkang lemah putih
Tatapakan ngeuret getih
Nyadidinya awor asih
Neunden harepan nyeungcem angkeuh
Dina galindengna kawih
Asih tumekaning batin
Nyaah nyaah tinandung na nyawa
Demi lautan katut ombakna
Demi daratan katut gunungna
Ditapel wates ngajadi
Ngajalan jati waruga
2. Tujuan
Tujuan kawih nyaeta
diantarana ningkatkeun daya apresiasi seni masyarakat ka kawih sunda kangge
ngangkat jati diri sajajar jeung karya seni lainna.
3. Macem-macem
a. Kawih buhun atawa
kawih tradisional nyaeta kawih jaman baheula, contona “Banjar Sinom”
b.
kawih jaman jepang nyaeta kawih anu di ciptakeun pas jaman
panjajahan jepang. Contona “es lilin”
c.
kawih wanda anyar nyaeta kawih jaman ayeuna atawa modern.
Contona : “mojang priangan”
B. Kakawihan
1. Wangenan
Kakawihan asal kecapna tina kawih,
nu hartina rakitan basa sabangsa dangding nu teu make patokan pupuh. Ngawih
nyaeta ngalagukeun kawih atawa sisindiran. Ieu kabangkitan teh ka asup sastra
buhun, gelarna dina sastra Sunda mangrupa sastra sampakan. Tapi nu boga
kakawihan teh lain ngan ukur urang Sunda wae, unggal seler bangsa oge miboga
kakawihan sewang-sewangan. Kawih kaasup sastra lisan, simebarna tatalepa sacara
turun-tumurun di lingkungan masarakat. Ku kituna kakawihan sering disebut
sastra balarea. Kakawihan lain ngan saukur dipake bari ulin, tapi oge sok
dipake bari digawe.
Kiwari kakawihan dihartikeun
lagu-lagu nu sok dinyanyikeun ku barudak bari ulin, nepi ka sakapeung sok
disebut kakawihan barudak atawa kaulinan barudak. nyebutkeun lagu rahayat,
hartina lagu jeung lirikna geus baku, sifatna anonim, jeung nyebar ti jaman
baheula. Kakawihan mangrupa tina folklore, ku kituna tina ciri-ciri folklore
dipimilik oge ku kakawihan, diantarana:
a. Sumebar jeung diwariskeun sacara lisan.
b. Sifatna tradisional, nyebarna angger diantara kelompok anu tangtu.
c. Aya varian jeung versi, kajadian poho jeung interpolasi sok nimbulkeun
bedana teks. Ku kituna sakapeung teksna sok beda wirahmana sarua, atawa
wirahmana sarua teksna nu beda.
d. Umumna anonym.
e. Miboga rumus jeung pola.
f.
Polos jeung lugu, sakapeung jiga
kasar jeung spontan[2]
2. Tujuan
Kakawihan digunakeun jang kaulinan barudak, misalna dipake jang
ngamimitian kaulinan barudak, nangtukeun saha anu pangheulana menang giliran
maen. Kanggo mere nasehat ka barudak, oge dipake kanggo mepelingan barudak
liwat kaulinan.
3. Macem-macem
a.
Kakawihan pikeun kaulinan
Kakawihan nu dipake dina ngamimitian kaulinan diantarana : Cing ciripit,
Dal del dol, jeung Hompimpah. Kakawihan sapanjang kaulinan : Aanyaman,
Ambil-ambilan, Ayang-ayang Gung,
Babagongan, Cingcangkeling, Eundeuk-eundeukan, jeung sajabana.
Cingcangkeling
Cingcangkeling
Manuk cingkleng cineten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng
Cingcangkeling teh nyaeta kawih paranti milang samemeh barudak ulin
ucing-ucingan. Samemeh prung sok dikawihan heula ku saurang
b.
Kakawihan pikeun numuwuhkeun
sumanget digawe diantarana : Mars Siliwangi.
Mars Siliwangi
Paduli teuing
Kuring keur
ngabagong
Nu narenjokeun
ulah rea omong
Kieu so teh
miceun tineung
Lamun prung mah
moal ke eung
Pasukan
Siliwangi
Sa eutik geu
mahiv
c.
Kakawihan pikeun mepende, diantarana
: Nelengnengkung, ayun ambing, Pat Lapat, jeung sajabana.
Ayun ambing
Ayun ambing-
ayun ambing
Diayun-ayun ku
samping
Jampéna jampé
harupat
Geura géde
geura lumpat
Kuruli jampé
kuruli
Kuruli jampé
pamali
Turunna di
gunung puntang
Buru-buru kulem
ujan
d.
Kakawihan pikeun protes sosial, mangrupa
gambaran protes kana hiji kaayaan dina mangsa eta kakawihan dijieun, misalna :
Ayang-ayang Gung, Bolu Bugem, Dengkleung Dengdek, Prangpring, Tong tolang
Nangka, Hatiku jang Wawan, jeung Eundeuk-eundeukan Lagoni.
PRANG PRING
Prang pring,
prang pring
Salumprang
salampring
Sabulu-bulu
gading
Si gading ka
Sunda perang
Pur kuntul
engkang-engkang
Munding
ngabongkar kandang
Saluwek sadugel
cindel
Heug, heug
caringin runtuh
Heug, heug
caringin runtuh
Dorokdok gubrag
Prang pring nyaeta kawih kaulinan dipakena ku barudak bari dariuk ngajajar,
atawa ngariung bari nyanghunyar. Bari ngawih bincurang ditepakeun. Dina
madakeun budak nu ka tepak panungtung kudu mintelkeun sukuna jadi emok.
Dumasar basana, aya nu eusina sagemblengna ngagunakeun basa Sunda jeung aya
anu campur jeung basa sejen. Misalna : Punten Mangga, Pupujian, Sri Jendil
Adil, Slep Dur, jeung Ula Ulo Kembang.
Dumasar waktu, aya nu tadina sok dikawihkeun beurang atawa peuting, oge aya
anu beurang jeung peuting. Contona : Kalonhking jeung Bulan Tok.
Dumasar wangun, teksna aya anu dialog jeung aya anu monolog.
e.
Kakawihan wangun dialog, diantarana
: Ambil-ambilan, Baju Beureum, Bolu Bugem, Cir Kupek, Gobang Kalima Gobang,
Tong Tolang Nangka, Eundeuk-eundeukan Lagoni, jeung Wek-wek Dor.
CINGCANGKELING
Cingcangkeling
Manuk cingkleng cineten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng
f.
Kakawihan wangun monolog, diantarana
: Aanyaman, Ayang-ayang Gung, Babagongan, Cingcangkeling, Cing Ciripit, Gobang
Gocir, jeung sajabana. Dumasar eusi, kakawihan loba nu ngagambarkeun kaayaan
masarakat Sunda dina jamanna, mangsa kakawihan diciptakeun[3][4]. Contona : Jung Jae, Ayang-ayang Gung, jeung sajabana.
CING CIRIPIT
Cing ciripit
tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu pare
bulu pare seuseukeutna
jol Pa Dalang
mawa wayang, jrek-jrek nong….
g.
Kakawihan wangun paparikan nyaeta
anu ngawangunna saperti paparikan; aya cangkang aya eusi. Bedana, unggal
padalisanhenteu matok dalapan engang, anu penting asal sasora. Kitu deui jumlah
padalisanana dina sapadana. Katembong dina sawatara kakawihan di handap.
HOMPIMPAH
Hompimpah alaikum gambreng,
Ma Ijah make baju rombeng.
PEREPET JENGKOL
Perepet jengkol jajahean,
Kadempet…jejeritan.
TOKECANG
Tokecang tokecang,
Balagendir tosblong.
Angeun kacang angeun kacang,
Sapendil kosong.
TAT TIT TUT
Tat tit tut daun kaliki,
saha nu hitut budak lalaki.
Tat tit tut daun kanyere,
saha nu hitut budak awewe.
h.
Kakawihan laraswekas nyaeta
kakawihannu murwakanti engang tungtung, boh dina kecap-kecap dina saungkara boh
dina kecap-kecap antar padalisan. Contona:
UCANG-UCANG ANGGE
Ucang-ucang angge
Mulung muncang di papangge
Digogog ku anjing gede
Anjing gede nu Mang Lebe
Ari gog, gog cingungung
i.
Kakawihan margaluyu nyaeta kakawihan
anu kecap atawa engang dina tungtung padalisan, dibalikan deui dina awal
padalisan, dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana. Contona:
BANG
KALIMA-LIMA GOBANG
Bang
kalmia-lima gobang, bang
Bangkong di
tengah sawah, wah
Wahay tukang
bajigur, gur
Guru sakola
desa, sa
Saban poe
ngajar, jar
Jarum paranti
ngaput, put
Putrid nu
gareulis, lis
Lisung kadua
halu, lu
Luhur kapal
udara, ra
Ragrag di
Jakarta, ta
Taun opat hiji,
ji
Haji rek ka
Mekah, kah
Kahar tujuh
rebu, bu
Buah meunang
ngala, la
Lauk meunang nyobek, bek
Beker meunang muter, ter
Terus ka Citapen, pen
Pena gagang kalam, lam
Lampu reujeung dammar, mar
Mari kueh hoho, ho
Hotel pamandangan, ngan
Ngantos Kanjeng Dalem, lem
Lempa-lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
j.
Kakawihan mondoan kawit nyaeta
kakawihan anu malikan (mindo) kecap anu sarua dina awal padalisan. Contona:
PUNTEN MANGGA
Punten…, mangga
Ari ga, Gatotgaca
Ari ca, cau ambon
Ari bon, bonteng asak
Ari sak, sakit perut
Ari rut, rujak asem
Ari sem, sempal-sempil
Ari pil, pilem rame
Ari me, maja makan
Ari kan, kantong kosong
Ari song, songsong lampu
Ari pu, puak-paok
Ari wok, wok candewok
Barudak nu rek ulin oray-orayan samemehna silih cekel taktak heula. Nu
tukang nyekel taktak nu hareupeunana, jeung saterusna. Geus kitu tuluy maju ka
kenca ka katuhu, nepi ka katempona ngaleor siga oray.
CING CIRIPIT
Cing ciripit
tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu pare
bulu pare seuseukeutna
jol Pa Dalang
mawa wayang, jrek-jrek nong….
Cing ciripit teh nyaeta kawih paranti milang samemeh ucing-ucingan.
C. Tembang
1. Wangenan
Tembang nyaeta sora vocal anu wangun iramana bebas teu katali ku pola pupuh
atawa sair liana. Nurutkeun Haji Hasan Mustapa, istilah tembang
sabenerna lain istilah asli Sunda. Istilah nu aya di Sunda mah nyaéta kawih.
Ieu dumasar kana katerangan dina naskah Sunda Siksakanda ng Karesian
taun 1518.
Istilah tembang téh gelar taun 1962, tina ucapan
pujangga Sunda nu jenengan M.A. Salmun. Dina musyawarah Tembang Sunda taun
1962, ngahaja éta istilah téh ditepikeun pikeun kapentingan para-penyiar
Bandung sangkan teu nyieun ngaran sora Sunda nu sakahayang hatena dina mangsa
siaran.
Dina éta musyawarah oge diputuskeun, yén istilah
pikeun seni mamaos nyaéta Cianjuran,
sedengkeun istilah pikeun seni sora nu sarupa jeung mamaos nu asalna ti
daerah sejen saperti Sumedang, Cirebon, Garut, Ciawi jeung nu séjénna disebut Tembang
Sunda.
Tapi dina kahirupan sapopoé, istilah tembang Sunda téh ngan dipaké pikeun
Cianjuran Wungkul. Ieu hal lantaran Cianjuran leuwih produktif tur leuwih
dipikawanoh ku masyarakat. Sacara umum aya ciri mandiri dina
tembang nyaéta teu miboga birama/metrum/ketukan anu tangtu. Tatang Suryana
nétélakeun yen kaéndahan jeung irama dina tembang gumantung ka nu
nembangkeunanana, boh éksprési, léotan, panjang pondokna. Pon kitu mélodi
disusun dina wangun improvisasi.
Contona :
BUBUY BULAN
Bubuy bulan
Bubuy bulan sangria bentang
Panon poe
Panon poe di sasate
Unggal bulan
Unggal bulan abdi teang
Unggal poe
Unggal poe oge hade
Situ ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Duuh eta saha nu ngalangkung unggal
enjing
Nyeredet hate ningali
sorot socana
2. Tujuan
Tujuan tina tembang nyaeta pikeun nyanjung karuhun urang terutami ka
karajaan pajajaran. Ningalikeun kaendahan bumi prianngan. Ngungkapkeun rasa
asih urang
3. Macem-macem Tembang
a.
Tembang cianjuran, nyaeta sesi
sora anu digiring ku kacapi, siling jeung rebab. Ditempat kalahiranna nyaeta
cianjur.
b.
Mamaos, nyaeta pangembangan
tina pantun atawa sisindiran
BAB III
PENUTUP
A. Kasimpulan
1.
Ngawih nyaeta ngalagukeun kawih
atawa sisindiran jeng saterusna iwal ti pupuh. Lirik lagu dina kawih disebut
rumpaka.
2.
Tujuan kawih nyaeta diantarana ningkatkeun daya apresiasi
seni masyarakat ka kawih sunda kangge ngangkat jati diri sajajar jeung karya
seni lainna
3.
Kawih buhun
- kawih jaman jepang
- kawih wanda anyar
6.
Kiwari kakawihan dihartikeun
lagu-lagu nu sok dinyanyikeun ku barudak bari ulin, nepi ka sakapeung sok
disebut kakawihan barudak atawa kaulinan barudak. nyebutkeun lagu rahayat,
hartina lagu jeung lirikna geus baku, sifatna anonim, jeung nyebar ti jaman
baheula.
7.
Tembang nyaeta sora vocal anu wangun
iramana bebas katali ku pola pupuh atawa sair liana.
8.
Tujuan tina tembang nyaeta
pikeun nyanjung karuhun urang terutami ka karajaan pajajaran. Ningalikeun
kaendahan bumi prianngan. Ngungkapkeun rasa asih urang
B. Saran
Saran kanggo pambaca beh milarian sumber liana nu tiasa masihan
kanyaho anu luwesna dui.
Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk, PANGAJARAN SASTRA SUNDA Pikeun SD, SLTP,
SMU, jueung Umum, Pustaka Setia.